wilujeung sumping ka anggota cahya lana di saung arurang sarerea

assalamuallaikum warohmatullohi wabarokatuh

Kamis, 17 Februari 2011

legenda panji boma

dina babad panjalu atawa carita ti dayeuhluhur yen anjung sari teh salah saurang putri ti karaton pakuan pajajaran nu ngungsi ka wilayah panjalu dina mangsa pajajaran memeh runtag di gempur ku pasukan ti cirebon jeung banten. bukti ayana nu ngungsi ti pajajaran pakuan  ka kawali jeung panjalu di catet ku pamarentah belanda nu ngarana J. oliver. ti desember 1821 neupi ka taun 1827 manehna ngalanglang kaayaan wilayah priangan jang laporkeuneun ka pusat hasil investigasi di catet dina buku anu judulna "tafereelen en merkwaardigheden uit oost-indie (kajadian-kajadian jeung hal-hal penting di hindia timur)

harita manehna kungsi nyakseni mangrupa parabot-parabot jeung nu sejena dibarawa kunu ngungsi, kaasup naskah-naskah kuno. kawali jeung panjalu kaasup anu di jugjug sabab aya hubungan histori anu reket antara pajajaran jeung kerajaan kawali. baheula kawali mangrupa karajaan luluhur. sanga pamanah rasa atawa sri baduga maharaja ratu haji di pakuan pajajaran anu kateulah prabu siliwangi. keur leutikna cicing di kawali diasuh ku akina prabu niskala wastu kancana anu ngahyang di nusalarang situ lengkong panjalu (sang lumahing nusalarang) jadi kaharti anu ngungsi ti pajajaran lumpatna aya nu ka kawali jeung panjalu.

harita kakawasaan di kawali di cepeng ku raja wilayah nu katelah maharaja sakti atawa maharaja kawali. ngenaan tokoh iyeu identitas sabenerna can ka ungkap sagemblengna ngan cek kuncen karamat panaekan dayeuhluhur jatinagara mah maharaja kawali teh raina raja wilayah di dayeuhluhur nyaeta panji boma, maharaja sakti jeung panji boma teh pada-pada mikabogoh ka putri anjungsari anu nganjrek di karajaan panjalu, kusabab kitu nya raja panjalu ngayakeun saembara anu eusina yen dua raja eta kudu paheula-heula neupi ka panjalu dina waktu nu geus ditangtukeun.

panji boma jeung maharaja sakti dua raja nu kawentar sakti jeung gagah, ngan maharaja sakti leuwih pinter dina waktu saembara panji boma mah ngapung naek sintung kalapa sedengkeun maharaja sakti nyumput dina pesak kere panji boma bari teu kanyahoan kunu bogana memeh neupi ka panjalu paji boma ngarasa hanaang nya anjeuna lungsur heula neangan cai nginum kulantaran suwung bajuna dikepretkeun dina gawir tidinya mucul cai nyusu nu beuki lila beuki badag. tempat eta kiwari disebut ciater jarakna 500 meter ti situ lengkong panjalu, samemeh baju kere panji boma di kepretkeun maharaja sakti gancang kaluar mesat tuluy ngajugjug ka karaton panjalu jadi nu meunang dina eta saembara teh maharaja sakti, kalayan jembar panji boma narima eleh. singkat carita sanggeus rengse babadamian nangtukeun poe jatukrami maranehna mulang babarengan palebah lembur nu katelah salamaya maharaja sakti nyaritakeun yen manehna nyumput dina baju kere panji boma jeung nyarita na teh bari jeung mojok lila-lila panji boma ambek keur mah teu meunang anu di pika meumeut katambah-tambah di gonjakan ku maharaja sakti atuh jadi amarah gede.

tina heureuy jadi parea-rea omong manjang kana pasea tungtungna deur wae garelut. sarua pada sakti jeung gagah tapi lial-lila maharaja sakti kadesek sabada panji boma mesatkeun pusakana akhirna maharaja sakti tos dugi ka waktuna sirah jeung awakna misah ditebas ku pedang awakna langsung ngaleungit ngan sirahna ngagoler memang hanjakal tara tiheula ningali adi geus maot akibat ku polah sorangan akhirna sirah maharaja di bawa ka dayeuhluhur sapanjang jalan geutih teh nyakclakan anu ayeuna katela taneuh beureum nu ayana sisieun cimuntur anu jadi tapal batas antara kawali jeung jatinagara, sedengkeun sirah maharaja robih jadi arca nu kateulah batu sirah maharaja neupi ka taun 1980-an sirah arca teh aya keneh di karamat panaekan ngan kabehdieukeun leungit aya nu maling ngeunaan hal eta dijeulaskeun ku muhidin kuncen karamat panaekan dayeuhluhur jeung deui sanes batu eta wae nu ical teh batu mangrupi kemaluan istri sareng pameugeut, batu papatih sareng batu mionir.  berita maotna maharaja di bejakeun ka raja panjalu atuh kacida kageutna padahal sagalana tos di siapkeun kukituna raja panjalu menta pertanggungjawaban panji boma supaya anjeuna jadi penggantina tapi di bere syarat datangna kudu tepat waktu nya panji boma nyanggupan malahan ngucap janji sagala mun kuring datang na telat mending bolay teu jadi kawin.

meunang berita kitu gancang wae kerajaan dayeuhluhur teh tatahar sagala siap-siap keur hajat sabalikna di kerajaan kawali mah keur pinuh ku duka cita ngan kulantaran dulur jeung kabijakan ti seuseupuh dua karajaan akhirna masalah eta teu di perpanjang soalna teu kahaja jeung sifatna pribadi lain masalah karajaan. pas kapeutingnakeun rombongan ti dayeuhluhur geus siap-siap berangkat ngabring nyampeur ka karajaan kawali pas neupi di winuraja aya kaaneuhnan barang-barang babawaan teh jadi barerat neupi ka barang nu laleutik oge jadi beurat teu kuat ngangkatna sakitu geus ngaluarkeun kasaktian oge padahal didinya teh tempat garelutna panji boma jeung maharaja sakti kawali tapi anehna euweuh anu ingeuteun nya eta tempat teh katelahna selamaya, (sela = ngahalangan, maya = samar).

bakat ku loba babawaan teh di tinggalkeun di turuban ku taneuh di tutupan ku batu gede anu katelahna anjung didinya teu jadi tatangkalan ngan jukut wungkul kulantaran kaberangan kaburu aya sarangenge acara kawin teh gagal kulantaran telat tapi ari neupungan raja panjalu mah teuteup mere nyaho yen di jalan aya halangan, ku raja panjalu ditarima alasana malahan dijelaskeun yen nu ngahalangan teh nyaeta raga gaib maharaja kawali teu ridoeun panji boma kawin jeung anjungsari, sabab anjung sari teh kabogoh maharaja sakti ti keur di pajajaran ngan hubunganana rerenceupan neupi ka ngandung, ayana saembara mah ngan saukur ngaresmikeun hubungan sabab di pajajaran hubungan nana susulumputan sabab aya rahasia jigana anjungsari teh geus jadi pangawasa selir pangawasa pajajaran.

sakadar keur ngabanding-banding aya kateurangan meunang nyutat tina sejarah jawa barat kenging dr. yoseph iskandar nyaeta dina mangsa pajajaran sirna ing bumi didinya dijelaskeun sabada ratu dewata pupus teras di gentos ku ratu sakti dina taun 1551 M ratu sakti nyaeta raja pajajaran nu ka 4 nu boga sifat kejem jeung telengeus. kalakuanana sakadaek sakahayang teu malire kana etika nagara. rakyat nu teu boga dosa rea nu di rampas hartana bari jeung dipaehan bari teu boga kaera. ka kolot teu ngabakti ka pandeta teu hormat. malahan kungsi ngarebut rara hulanjar atawa mojang nu geus tunangan puncak nu teu etisna anjeuna ngawin indung terena nu geus jadi janda. tah kusabab goreng kalakuanana ratu sakti diturunkeun tahtana taun 1551 M  ngan tisaprak diturunkeun teu kacaritakeun lalampahanana naha di piceun? dipaehan? atawa diturunkeun pangkatna jadi penguasa wilayah satingkat adipati ? ngan jiga na mah boa-boa ratu sakti teh mahraja sakti tea. sedengkeung anjung sari disaruakeun jeung rara hulanjar tea meureun eta ge sabab eta tokoh teh hirup dina dua alam lalakon ratu sakti hirup di alam sajarah nu geus ka susud sedengkeun maharaja sakti, panji boma jeung anjungsari. hirup di alam legenda nu can disebut dina sejarah.

balik deui ka lalakon panji boma sabada rengse nguping katerangan ti raja panjalu anjeuna mulang deui ka dayeuhluhur ngan ti saprak harita anjeuna mundur ti kalungguhanana salaku raja, anjeuna ngalalana dugi ka ngadirikeun dayeuhluhur di jawa tengan dugi ka pupusna, hanjalakal carita panji boma teh aya bukuna ngan leungit sekitar taun 1980-an mun dina galur panjalu mah eta ge ngan saukur manca kaki tina silsilah arya sacnata disebutkeun yeun arya sacanata teh putra dipati natabaya putra anu nikah jeung apun emas, ari ampun emas teh putra maharaja kawali jeung anjungsari najan kateranganana sakorepat tapi geus mere gambaran yeun hubungan nu raket antara maharaja kawali jeung apun anjung. sabab tina babad panjalu teu kacaritakeun nu ngarana panji boma ti generasi apun emas nu dipigarwa ku dipati natabaya neupi ka turunanana boga silsilah nu jeulas sabab rata-rata jadi bupati atwa pajabat di tatar sunda.

salamti kang kabayan jeung kudu yakin dina hiji mangsa carita legenda panji boma bakal ka ungkap tujuana sanes kanggo kamusrikan tapi ngabangkitkeun semangat jeung persatuan masyarakat dayeuhluhur sareng turunan-turunanana dimana wae ayana
salam sajiwa, saraga, sadulur jeung salembur

Tidak ada komentar:

Posting Komentar