versi nu kahiji nyaeta :
baheula dayeuhluhur teh leuweung nya mimiti datang mah eyang panji boma anjeuna katurunan ti cirebon, caritana anjeuna teh bandel nya ku sepuhna dipiwarang ngalalana kaluar ti cirebon nya anjeuna teh angkat singgah di sumedang nu namina sami patilasan dayeuhluhur tos lami didinya angkat deui ka sukabumi nya sami di sukabumi ge aya namina dayeuhluhur teh di warudoyong, ti sukabumi angkat deui nya singgah di kampung urang anu ayeuna namina desa dayeuhluhur, anu mimitina di wangun ku anjeuna tah lami-lami aya nu nyusul ti cirebon nu jumlah na 3 urang utusan ti sepuh eyang panji boma anu diantarana anu nyusul teh uyut ardibaya tapi eyang panji boma teh alimeun uih nya kitu deui nu ngajemput ge teu mulang deui ka cirebon ngadon ilu ngawangun kampung.
dina hiji mangsa kacaritakeun ngenaan ribut jeung raja kawali da awal na mah rukur-rukun wae da jeung raja kawali teh dulur keneh aya hiji karajaan nu ngayakeun saebara sing saha nu pangheulana neupi ka eta karajaan bakal ditikahkeun ka putri karajaan, nya saembara eta teh ka kupingen ku raja kawali jeung raja dayeuhluhur eyang panji boma tea, ari panji boma mah gagah mun raja kawali mah sakti, nya raja kawali mah asup kana pesak panji boma pas geus ek neupi raja kawali acleung jadi raja kawali nu pang heulana neupi jadi raja kawali nu meunang nya di tempat karajaan nu ngayakeun eta saembara teh di suguhan cai sareng cau ari raja kawali mah milih cai ari panji boma mah milih cau bakat ku handeueul eleh cau eta te di rubah jadi cai ti ditu namah bade ningalikeun kagagahan, mimiti tidinya raja kawali jeung raja dayeuhluhur mumusuhan neupi ka nyieun perjanjian nu ayana di nyongkreng nu masing-masing nanceupkeun iteuk bari ngucap janji lamun iteuk iyeu jadi samemeh pucuk iteuk dua nana patimu urang dayeuhluhur jeung urang kawali teu meunang nikah nya ayeuna mah alhamdulilah eta iteuk geus patimu malahan geus diwangun jembatan nu sakitu tohaga di buniasih.
dina hiji mangsa raja kawali teh keur marandi di pamandian winuraja jeung putri karajaan ngadenge kitu panji boma panas geuwat wae ngalengkah ti dayeuhluhur ka winuraja teh ngan salengkah bakat ku gagah tuluy wae raja kawali teh di sabet di paehan. tah ti saprak kajadian eta eyang panji boma teh indit ti dayeuhluhur dina raraga mohokeun kajadian nu matak pi kayeurieun anjeuna indit ka majeunang tuluy wae ngadirikeun kerajaan nya aya nu namina kecamatan dayeuhluhur di majenang dugi ka pupusna di wetan.
wasiat leluhur :
1. teu meunang ganggap wayang atawa kasenian nu aya goongan
2. teu meunang boga usaha balong (kana lauk)
3. mun di lembur imah kudu tina injuk
4. mun hayang hirup maju kudu kaluar ti dayeuhluhur
5. mun di parengkeu jadi jalma benghar mun boga mobil kudu hiji wae
6. waspada ku gogoda awewe khusus para lalaki urang dayeuhluhur ti jarungkeulna rata-rata gara-gara awewe
eta wasiat teh berlaku ka tujuh turunan.
carita versi 2 ti turuna karuhun dayeuhluhur nyaeta:
dayeuhluhur sanes karajaan tapi tempat peristirahatan jalma-jalma sakti nu asalna ti cirebon jeung galuh pakuan antara dayeuluhur jatinagara jeung dayeuhluhur majeunang masih dulur keneh ngan baheula teh karuhun teh betaheun di wetan ari ka dieu mah ngan ngalongokan wungkul.
susuna karuhun 20 dayeuhluhur nyaeta
1. panji boma (panglima perang atawa pimpinan)
2. ardibaya (seuseupuh)
3. dalem wirakanta (pamarentahan)
4. sacadiningrat
5. mata pati
6. dalem banjar (patilasan di panimbang)
7. mangkubumi (patilasan tukangeun masjid)
8. ajibarang (pangusaha) patilasan di cipadaren
9. raden kanci (seni)
10. bapang
11. patih boang
12. kuntur aryanata.
13. aryadiningrat (patilasan di cicakung)
wasiat leluhur nyaeta :
1. lamun hayang sukses kudu kaluar ti dayeuhluhur
2. ulah poho ka seupuh kudu sering hadiah
3. kudu taat ka aturan agama jeung hindari hal-hal maksiat
4. kudu rajin silaturahmi
gunung panaekan nu leubeuta batu kamaluan teh mangrupi simbol menhul pikeun nyumpah mun ek jadi pajabat di dunia mung aya 2 dua hiji deui di tiongkok
Tidak ada komentar:
Posting Komentar